Tépas Panineungan Kuring
kahayang mah bisa nuliskeun sakabéh pangalaman kahirupan kuring di ieu rohangan, tapi kulantaran kawatésanan ku rea hal jadina mah kuring hayang nuliskeun sakabéh jéléma anu kaingét kungsi aya dina kahirupan kuring, boh di sakola, pangajian, pangulinan, jst. ku tulisan ieu kuring hayang mitineung yén kahirupan kuring nu ayeuna téh teu bisa dileupaskeun tina pangaruh aranjeuna.
tangtu wae anu kahiji jeung nu paling utama mah indung bapa kuring, aranjeuna anu méré pangaruh anu kacida gédena dina kahirupan kuring kiwari. indung kuring mah indung nu kacida pérhatianana kanu jadi budak teh, kahirupan nalika leutikna méré pangaruh dina mangsa ngadidik kuring sadudulur , hiruo hemat jeung ati-ati dina kahirupan hal anu kacida pisan ditékeun keun pisan. ari bapak kuring mah leuwih kalem jeung tara loba omong, estuning jelema lémpeng jeung jujur teu héran mun sok katipu dina usahana. kiwari pun bapa tos pensiun jadi karyawana ti pabrik tekstil kurang leuwih 33 tahun digawé, kuduna mah meunang bintang jasa ku pangabdianana nu sakitu satiana. tapi népikeun ka pensiuna teu kungsi diinditkeun digawe ka Jepang padahal mah geus dua kali dicalonkeun tapi gagal lantaran dilicikan ku atasanana. asa sédih basa ningali bapa sasapu di buruan imah, pagawéan anu unggal poe dilakukan ku kuring, dina poe munggaran bapa pensiun. teu kuat nyurucud ci panon bari janji dina diri hayang nginditkeun bapa ka tanah suci…. loba hal pisan anu sakuduna mah ku kuring ditulikeun ngeunaan indung bapa kuring tapi ieu mah itung-itung mitineung ka aranjeuna.
Mang Oma, imam masjid di tajug dékét imah, kiwari geus tilar dunya, ngantunkeun waktu kuring kelas 3 SMA mun teu salah mah tanggal 20 April 2000. Anjeuna anu mere inspirasi pikeun kuring supaya micinta masjid jeung nyontoan tadarusan di bulan puasa, harita téh kelas 5 SD kuring bisa namatkeun alquran salila bulan puasa.
cag heula sakitu ké urang tuluykeun deui…..
Salam pangwanoh kang, hatur nuhun parantos nyemah ka saung simkuring